Sunda Euy!

cepot.jpgPangeunah-ngeunahna nyarita, jang kuring mah make basa Sunda loma.

Dua taun kuring make basa Sunda loma. Mangsa kelas tilu SMP jeung kelas hiji SMA. Kabeneran kuring sabangku jeung sobat nu sok ngabasakeun “urang-maneh”.
Ngan dua taun para mitra! Kusabab kelas dua-na kuring beda kelas jeung sobat kuring tea. Terus nga-geng jeung barudak kota nu lolobana anak mamih. Der deui we make basa Indonesia gaul. Ari di imah, kuring make basa Sunda lemes. Leuh, pun biang mah tuda nyarios “embung” atanapi “isuk” wae meni jiga pamali. Kedah nyarios “alim” atanapi “enjing”.

Abus kuliah, panggih teh jeung babaturan sanusantara. Teu kapake deui tah si Sunda loma. Kitu deui saterusna, ngajodo jeung urang Malayu-Jawa. Make basa sunda teh mun balik ka Tasik, lembur kuring nu dipikadeudeuh.

Jadi inget jaman keur SD. Sanajan sapopoe di sakola kuring make basa Indonesia, tapi di imah kuring hobi pisan neuleuman basa Sunda. Meureun kulantaran si Papap (bapa kuring) paduli pisan kana kebudayaan (halah, poho deui tah naon basa Sunda-na) Sunda, contona kawas aktif di dunya padalangan jadi saeutik-eutik kuring ge sok kabongroy nitenan any stuff about Sundanesse.

Ampir unggal poe kuring maca majalah Mangle (komo rubrik barakatak nu eusina aya hahahah jeung pangalaman para mitra), buku Taman Pamekar (boga lalakonna mah poho deui saha ngaranna…tapi lanceukna mah inget keneh: Isah, jeung adina: Ade, imahna deukeut statsion kareta api Cicalengka).

aksara-sunda-hanacaraka.gifTuluy kuring ge apal kana pupuh-pupuh Sunda: Kinanti, Asmarandana, Sinom,…naon deui nya poho deui. Pan aya tujuhbelas lin? Maca aksara Sunda ge kuring jago. Diajarna salian dipapatahan ku nini, kabeneran aya buku tutorialna oge. (Btw, kamana nya bukuna ayeuna?) Resep pisan maca dongeng buta nu aya saleser dina pundukna make aksara sunda. Meni atoh sanggeus tamat maca bukuna. Serasa memecahkan misteri… :D

Kuring ge resep lagu-lagu degung. Komo bari barang dahar mah. Matak rewog, da asa keur di nu hajatan :) Kitu deui kana lagu-lagu Cianjuran. Asa dipepende… Komo bari keur aya angin ngahiliwir, sora cai di balong jeung manuk haliber di sabudeureun tatangkalan hejo…degungs.jpg
Lamun lagu Sunda moderen, kuring teu resep. Asli. Sebel we nepi ka ayeuna ge. Tapi anehna salaki kuring nu euweuh getih Sunda, jeung budak nu cikal meni raresepeun tah nyetel lagu-lagu Nining Meida jeung Adang S., Nano, samodel Kalangkang, Anjeun, Potret Manehna… MP3na aya, meni loba.

Kuring ge pernah nyobaan nabeuh gending, goong, kendang, kenong… Ngoprek kacapi jeung rincik… Angklung jeung suling mah komo. Ngan eleh ku kabisa maen gitar jeung keyboard. Kuring leuwih ‘jagoan’ make alat musik moderen tibatan alat musik tradisional.

Carita wayang? Lain resep deui. Komik R.A Kosasih pangpangna mah. Kitu deui buku-buku nu jarang gambarna. Diwewel sajah…

Geus ah ngacaprakna. Ngan sono wungkul ka Ki Sunda. Sono ka Aden Endul jeung si Mamih…(salut ka Kang Budi Riyanto Karung)… urang search ah di Google. Sugan aya Mangle Online…

33 Responses to Sunda Euy!

  1. aduh teh leres pisan… resep keneh nganggo basa sunda loma margi upami nyoko kana undak usuk basa mah rumaos sok dibabaradug herhehehhehe :)

    Tah eta…
    Betewe geuning teu dianggo basa sunda lomana?

  2. keun ari soal wayang mah, komo nu ngigelkeunna r.a kosasih, moal bireuk deui kana kakahotanana, komo mun geus ngamaenkeun cepot…. siganateh euweuh batur (dalang) nubisa kitu, sanes kitu neng?
    babeh mah hayang milu “comment” teh… eta ari geus manggih dulur (urang sunda) na internet, meni asa reueus, bagja jeung hariweusweus, hayang nyambung babarayaan, teu kitu kumaha apan urang tepung teh di dunya maya sanes, deukeut jung dunia antah barantah (punten bilih lepat)… taya maksug nanaon saantawia ieu mah, hoyong kenal we sareng istri anu calakan

    Wah, Beh…sim kuring mah teu acan pernah nongton R.A.Kosasih ngadalang. Paporit sim kuring mah ti Giri Harja, komo GH III mah: Asep Sunandar Sunarya, spesial ‘buta utah emih’ jeung Cepot ‘jaipongan sabeulah suku’ heheh…
    Sami Beh…atoh pisan sim kuring ge pendak sareng baraya…

  3. ari panggih jeung dulur (sunda) teh meni asa ajrih, bagja… rek teu kitu kumaha… da urang tepung teh di dunya maya… salam tepang anu munggaran

  4. keun ari soal wayang mah, komo anu ngigelkeuna r.a. kosasih mah geus moal bireuk, tilik geura mun keur ngigelkeun si cepot… asa euweuh batur (dalang) nu bisa siga kitu, leres teu neng? ieu mah ukur sambung kasono… enya tuda ari manggih dulur (sunda) na internet, meni asa bagja, ajrih jeung hariweusweus… hayang nyambung duduluran, teu kitu kumaha da urang tepung teh didunya maya pan? salam tepang ah (kataji ku pedaranana)

    Salam tepang oge…mugia teu tepang sakali wungkul…

  5. Leres pisan teh, muhun eta sami sami geuning mikacinta basa sunda teh teu aya leehna, sim kuring oge ayeuna anu aya ratusan duka rebuan kilometer ti tanah sunda masih nyarios ku basa sunda, perkawis mangle, carita wayang komik RA Kosasih asa arapal keneh dugi ka ayeuna…mung hanjakal ayeuna teh mangle online asa tos teu aya nya?

  6. teh,abdi kuliah di malang
    rerencangan abdi hanpir 95 persen orang jawa,orang jawa bannga kana budayana, bahasa salah sahiji unsur budaya,abdi sok sedih upami generasi muda orang sunda sok gengsi nyarios sunda teh,duka kunaon, nyarios sunda siga kampungan,bahasa indonesia asal gaul,
    bahasa sunda tiasa-tiasa ngan aya di kamus,aya peneliti orang jepang belajar budaya sunda k belanda,
    sok maca majalah mangle tara teh,

  7. @ Deden Tristiyana
    Sumuhun. Abdi ge milarian nu online…saurna tos tilar dunya maya. Mudah-mudahan sing enggal aya gegentosnanu langkung nyunda…

    @ gugi
    Hayu atuh urang ‘keren’keun basa sunda di kalangan ngora…
    Tapi sapertosna tos aya miang-miang ka arah dinya. Seueur blog-blog Sunda, statsion tipi Sunda oge…

  8. hee hee tacan nanaon tos tulalit babeh mah nya ma’lum tos kolot meureun, muhun maksud babeh oge dalang giri harja 3 tea… mana atuh neng pedaran nu anyarna, babeh teu weleh ngantosan….

  9. Sepuh ge ari nge-blog mah katawis masih anom atuh… :)
    Pedaran? Walah…du’akeun we Beh… Sim kuring teu acan aya bahan nu raos dipedar. Manawi aya ideu?

  10. sampurasun teh ratna
    nepangkeun abdi salah sawios perwakilan masyarakat sunda nu matuh d jambi…
    salam pangwanoh ti abdi… teh abdi age siaran d RRI PRO 1 JAMBI HUSUS SIARAN SUNDA..unggal malam saptu tabuh 9 dugi k tabuh 11 wengi… hayu urang rojong sasarengan ki sunda nu parantos rada ngaleos… HAYU…

  11. sampurasuuuuuuun…
    ngiringan ah…
    salaku urang sunda simkuring ngarasa reueus geningan masih aya keneh anu resep kana budaya sunda khususnamah wayang golek hayu atuh urang babarengan ngamumule budaya sunda ulah nungguan direbut batur panginten tos kauningaan kamari ieu budaya urang direbut ku bangsa deungeun ulah dugi kadua kali ah… direbut batur

  12. Halah… pada fake bahasa Sunda. Ane suka takut kalo pake bahasa Sunda. takut kepeleset… :cry: Tafi ane mau nyobain ngomong Sunda Ah…. :mrgreen:

    Seja nepangkeun salam pangwanoh ti sim kuring, pun Cabe Rawit. Kaleresan dina danget ayeuna nuju nyuprih elmu di fakultas ekonomi Universitas Padjadjaran. Ari kawit mah ti Jakarta. Pun Biang sareng pun bapak asli rerehan ti Jakarta. Ari padumukan ayeuna kaleresan di leresan Tubagus Ismail Raya.

    Sanaos sanes urang Sunda, namung sim kuring oge mikaresep kana seni sareng tradisi Sunda.

    Ah… sakitu heula teh, bilih lepat. Neda sihapunten anu kasuhun, boh bilih aya unggel anu udar tina tetekon paramasastra ki Sunda. Mugia, teteh kersa jembar manah ngahapunten.

    *Cape juga ngomong Sunda ya?* :mrgreen:

  13. wah akur yeuh, simkuring oge lamun begadang ngarengsekeun hiji hanca pasti dibaturan ku carita wayang golek meunang ngarekam ti sababaraha hiji stasiun radio, allhamdullilah tos aya kisaran 15 carita wayang, dalangna sih Asep Sunandar Sunarya ti giri Harja III

  14. Assalamualaikum…

    Bade ngiring ngomeng sunda ah.. Hapunten bilih aya nu lepat nya teteh da abi mah teu jago nyarios sunda lemes lantaran rama pun biang abi jarang ngajarkeun sunda lemes ka simkuring. Lamun nyarita teh nya pake sunda sapopoe nu rada kasar kitu lah.. Jadi ngan pas-pasan we skill ngomong sundana simkuring teh da meunang urut diajar ti lingkungan sakitarna. Hee… :D

    Duh.. Simkuring sapagodos ka komentar si gugi nyaeta lamun barudak ngora jaman ayeuna mah ngarasa gengsian kitu lamun nyarios pake sunda teh atawa memang ti dituna teu tiasa nyarios sunda? Margi teu diajarkeun ku kolotna panginten… Padahal basa sunda teh budaya urang-urang nu kudu dipiara saawet-awetna. Leres, teh?

    Yahaa… abi ge da resep ka degung sunda, teh… Mun lagu-lagu sunda jaman kiwari mah sabagean we nu ku abi dipikaresep teh, contona nya eta Kalangkang, Pangandaran-na si Doel Sumbang, Dina Hamparan Sajadah jeung sajabana… :mrgreen: Abi mah ngan gaduh MP3na hungkul, teu gaduh pidio klip karaokena mah.. :P

    Heee…

    Sakitu we nya teh…
    Mugia abi sareng teteh tiasa kapendak ti jalan, kapan-kapan…
    Sing terus ngapanjangkeun silaturahmi sareng abi nya, teh..
    ;)

    Hapunten,,, hatur nuhun…

  15. asik euy tiasa ngarereh dina blog iue
    anginna ngagelebug matak waas napak tilas

    nudipikasuhun kupripados
    hayu urang mumuli basa urang
    teu kenging kulantaran alim disebat kampungan
    teras alim ngagunakan bahasa sunda

    mahayuna ayuna kadatuan

  16. Nepangkeun sim kuring, ari wasta mah pun Alan tea,kiwari sim kuring sakulawargi teh nuju ngumbara di Batam, kaleresan deuih bade aya acara di Radio kanggo baraya urang sunda nu aya dipangumbaraan. Ari nami acara teh “Bajigur” hartosna kirang langkung “Batam Jiga di lembur”.
    Sok lah kasadayana warga pasundan anu aya disakuliah dunya urang hangkeutkeun deui nyarios dina basa sunda anu leres.

    cag ah..

  17. Pingback: Sunda Euy, versi bahasa persatuan « Ratna’s Blog

  18. Pingback: Ratna’s Blog» Arsip Blog » Sunda Euy versi bahasa persatuan

  19. Ass.wr.wb, salam kenal teh ti sim kuring, kaleresan simkuring oge urang sunda asli… Teteh sami pisan sareng pribados, henteu resep lagu sunda modern, da asa teu pararuguh lagu2 sunda nganggo musik doremi, da sakedahna oge da-mi-na-ti-la-da.
    Kaleresan sim kuring resep pisan ka lagu2 mang koko, panginten gaduh mp3 na? tiasa dikintun henteu hehe… punten ah…
    Wass.wr.wb

  20. asalam’lkum salam tepang abdi oge urang sunda ti garut muhun pisan da pami kasenian wayang teh meuni teuka elehkeun we komo lamun dalangna asep sunandar sunarya bari mawa si capot jeung dulur-dulurna (dewala jeung semar) pokonamah TOPMARKOTOP lah. bangga lah jadi urang sunda teh

  21. atoh uing mah aya urang sunda bangga kana kasundaannana sabab uing oge seneng, ngan di cikarang mah heabna lemah pisan malum lolobana pendatang nu lain sunda

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Connecting to %s